Jumat, 28 Desember 2007

NYUKCRUK DULUR MAPAY BARAYA

R. Angkama Roostaman, atanapi nami panggilan dikeluarga Kang Memon tea. Inyana incu munggaran Arkan atanapi generasi kadua Arkan nu pangsepuhna. Putrana Uwa Iloh/Uwa Iing (R. Tursilah/R. Ismail) Medal di Bandung, kaping 6 Nopember 1943, cepeng damel terakhir di BNI Cabang ITB, tos Purnabhakti (pangsiun taun 1998). Bumina di Jl Makam Caringin No. 20, PORIB, daerah jalan kopo Bandung Selatan Telepon 022 5406582.
----------------------------------------------------------------------------------
Kuring ngoloyor ti bumi jeung Ceuceuna dibaturan ku si bungsu, bada dzuhur. Poe pere ieu mah teu kamana-mana, ngahaja rek nepungan dulur, silaturakhim ka lanceuk sakalian ngalongok orok, cenahmah Anggi Nurdiana putra kadua Kakang tos ngalahirkeun, titirah dibumi ramana.
Kakang jeung Ceu Entin, bojona nyampak keur aya ngabageakeun pinuh kukasono lami teu tepung jeung hariweusweus, bagja boga incu anyar, aya nungalongokteh atoh, ngobrol nagaler ngidul, bari diwuwuh kususuguh. atuh matak betah semah.

Kakang :
“ Ieu teh Bud incu kaopat kaitung rada istimewa lantaran indungna ngantos hoyong gaduh turunanteh dalapan taun (Anggi sareng Bambang nikah tahun 1999), proses ngandung oge dimumulekeun pisan dibelaan nekad eureun gawe diluar katangtuan cuti tapi Alhamdulillah teu dugi di PHK aya kabijaksanaan anu istimewa ti dununganana di BNI Capem Bubat”.

Anggi ngiring nyarios :
“ Nuhun Mang Budi dilongok, orok teh awewe namina Naqiyaqinthara Zahra, geugeutna Tya lahir dinten minggu ping 9 Desember 2007, numawi Anggi teu tiasa dongkap waktos kempelan Arkan, padahal tos niat hoyong pendak sareng wargi nu tebih, da ka Rumah sakit teh maksadna bade kontrol wungkul kawitnamah ari heug teh brol….”

(Alhamdulillah ngiring bingah mugia ieu orok teh sing janten putri solehah, sehat sareng janten barokah keur sepuhna. Amien.)

Kakang neruskeun deui :
“ Tinu cikal Nina Gantina carogena AAM (Ahmad Abdullah Mubaroq) ieu mah teureuh pasantren incu teh boga dua, Ti budak lalaki nubungsu, Irvan Ardiyana boga budak hiji dumukna di Soreang jadi syukur geus lengkep budak tiluteh geus pada nyumbang incu”

Kuring nyambung deui naros :
“ Gaduh kesan atanapi kenangan naon Kakang sebagai cucu pertama dari Arkan ?”

Diwaler kalayan daria :
“ Emut baheula upami pere sakola teh kedah liburan di Ciamis, Aki/Nini teh reueus nyaah kaincuteh unggal aya wargi nunatamu sok dikenalkeun sina salam, ieu teh Memon incu mimiti, putrana Iloh ti Bandung, saurnateh. Geus puguh upami bobo atanapi tuangeunmah sok dipupujuhkeun, sok jadi “panyirikan” Bi Etin putra Nini nu bungsu lantaran yuswana teujauh jeung Kakang”.

Kuring :
“Patarosanteh nyambung kanu sanes, ari Kakang upami ka pun Bapa kunaon nyebatna Pa Eme pan kedahnamah Mang Eme, kumaha dongengna ?”

Kakang :
“ Ari Uwa Iloh sareng Bi Piah dulur teu kahalangan turug-turug. basa Ema Budi anyaran nikah ge nyewa bumi sami di dunguscariang ngan beda gang, jadi tiawal geus deukeut, tos kitu basa uwa nganeg ku Ceu IIm (almh) Ema Budi kosong keneh aya kana duatauna, nya Kakangteh sok dititipkeun, diasuh ku Bi Piah sakalian mancing ngukut alo supaya katularan, tiharita ka Bibi ka Emang teh geus teu asa-asa deui nyebut ge Pa Eme jiga putrana pituin, kari-kari keur sakola SMEP di wastukancana pan Bi Piah TU didamel didinya, tos SMEA oge caket da Bi Piah linggihna di Babakan Ciamis sok larsup kabumi ari uwih sakolateh, jadi adi Kakang nurutan kabeh nyebat teh Pa Eme, kitu oge kalanceuk Budi ge Imay, Mimin teh kaasuh ku Kakang”

Kuring molongo :
“Oh kitu…. maksadnamah mancing … tapi … kamalinaan teu ka erem dugi kasapuluh putra pun biangteh, penyumbang terbanyak incu Arkan”.

Patarosan, pamungkas:
“Naon atuh pesan Kakang kuayana beungkeutan rundayan Arkan nu diluluguan ku Cep Gaha, putra Mang Tio, mangga bilih bade aya nudidugikeun keur incu, adi dulur sadaya!”

Kakang :
“Kakang miharep supaya silaturkhmi jeung dulur, ulah pegat, sing alakur kudu silih asih silih tulungan kupangabisa sewang-sewangan, salam kawargi-wargi Insya Allah kapayun patepang raray”

Kitu gunem catur sareng Kang Memon anu kapihatur, kapayun urang guar deui dulur urang nu sanesna, mangga permios……
Antapani, 25 Desember 2007
Diserat ku: Kang Budi

1 komentar:

Anonim mengatakan...

Wilujeng sareng ngiring bingah Ka Anggi anu tos kagungan orok Tya, semoga menjadi anak solehah, yang berbakti kepada kedua orang tuanya.
Berarti Tya sareng 3 incu Kang Memon teh keturunan ke 4 keluarga Arkan, Mun nyebat ka abdi...... Aki Cecep ..... wah sudah aki-aki nih..., Jadi inget pernah pa amprok ketemu beberapa kali sareng Kang Memon teh di kantor BNI ITB jaman kuliah taun 92-an....