Jumat, 14 Desember 2007

Bubuy Sampeu

Urang anu bumina di kota rada hésé ningali jalmi masak dina hawu, duka lamun di desa meureun aya kénéh, hawu téh kurang leuwih sarua jeung tungku dina bahasa Indonesia namah, dijieunna tina taneuh liat bisa ogé tina tembok semen. Sueneuna teu nganggo minyak tanah tapi nganggo suluh bisa kai bisa awi, tangtu baé kudu nu garing lantaran éta suluh téh sok dipoé supados garing, babari ngahurungkeunana. Lamun nu can garing mah pasti hésé hurung, dina hurungna gé tara lila jeung kalahka mulek ku haseup. Mun seuneu rek pareum, biasana ditiupan make songsong, nyaeta solobong nu dijieun tina awi.

Anu inget terus sampé ayuena lamun ka bumi Nini Kancana di Ciamis, nyaéta ngabubuy sampe dina hawu, lamun geus asak wah... kacida nikmatna eta sampeu jiganamah lamun di daharna jueng kopi panas tambah nikmat, hanjakal da haritamah budak kénéh teuacan tiasa nginum kopi, sambari ningalian lauk hilir mudik di balong. Di payuna hawu téh aya dipan, aya jandéla, dihandapeun jandela téh balong baheulamah. Ari ngabubuy téh beda jeung dibakar, jiga jagong bakar, dibakarmah jagongna teu antel kanu bara na, lamun antel ogé ngan saeutik, lamun dibubuy mah éta sampeu jeung kulitna téh di asupkeun kanu bara na, puguh baé bagian luar sampeu téh jadi tutung hideung, tapi lamun di beulah jero na meuni bodas jeung ngaluarkeun haseup, ditiupan heula sakedap terus di dahar meuni hipu.

Alusnamah sampeuna anyar kénéh nyabut ti kebon jadi masih seger. Biasanamah hawu téh teu dihurungkeun kanggo ngabubuy sampeu baé, anu utamana seuneu hawu téh kanggo masak, naheur cai atanapi nyeupan sangu dina sééng, anu rada lila lamun ngadamel minyak keletik tina santen kalapa nudipanaskeun dina panggorengan, lami-lami éta santen jadi minyak keletik jeung embohna na aya surundeng. Dina Hawu téh tempat kanggo nyimpen panggorengana aya dua, biasana anu pang tungtungna kanggo naheur cai. Lamun hawa nuju tiris sabari nungguan bubuy sampe asak, sakalian siduru tah di payuneun hawu téh. Ari ayeuna masih aya kénéh teu nya éta hawu di bumi Nini Kancana ?

Gaha/Cecep

2 komentar:

Anonim mengatakan...

Ass.Wr.Wb..
Sateuacana abdi bade ngenalkeun diri khususna kanu teuacan kenal, pami tos kenal teu aya salahna mengenal deui.
Abdi Anung putra kang memet, incuna aki hanapi ti ciamis tea. Ari ku bi mia-mah (putrana aki ali dinar)sok dicalikan "rusdi". Ayena simkuring linggihna di magetan, jawa timur.
Kamariteh tos dua kali kenging uleman ti mang ukas supaya menghadiri ririungan keluarga besar arkan, tapi hapuntena bae da geuning waktosna teh bentrok wae sareng padamaelan. Ngke sanes waktos upami aya rejeki insyaallah sumping.
Ari nu kaemut keneh kuabdi mah waktos uu (mbah buyut) kancana aya keneh, eta mun aki hanapi atanapi aki2 nu sanesna uih jumatan teh sok ngajugjug bumi uu ngadon ngaropi mani nikmat katingalinateh, teras sok mindeng disauran ku nini etin (anung mah manggilnateh nini mamih)dipiwarang emam, teu pira ngan sangu haneut dina dulang dipurulukan kurupuk terus ditutug da mani raos atuh, menu laina teh sangu haneut diolesan mentega wungkul mun piringna katingali bersih keneh teh sok tara dikumbah ieuh (har jorok). Mun makan ngariung sareng uu kancana termasuk nini mamih pan sok direwong ku ucing, tah mun tos ngarasa rudet da uang eong wae na etamah nini mamih teh nyoel sambel tarasi trus belewek we kana sungut ucing, atuh ucing teh majuna mundur da biwirna lada cnah.
CECEP (abdimah nyebatnateh mang, jadi mang cecep) tos lami tara pendak duka emuteun keneh teu ka abdi (anung), da sering pendak teh waktu abdi alit keneh mun aki tio (bapana mang cecep ngontrol pembangunan rumahna) ka ciamis.
Aya lagu heurey mun mang cecep ka ciamis teh, kieu laguna "cepot dawala kupat kepot dinu bala" (punten mang cecep nya).
Mung sakitu heula perkenalan abdi teh, punten bahasana rada-rada amburadul da teu aya batur ngobrol sunda di jawa mah, sareng punten we komentarna tebih tina bahasan.
Upami aya kabar berita tiasa kirim email ka anung, alamat :
glodok9@gmail.com; dan
glodok@hotmail.com

Anonim mengatakan...

Walaikum salam,
Euleuh-euleuh ieu teh Anung, meuni tos ageng nya (padahal teu katingali) tos didamel, tangtos bae atuh Cecep mah apal, haritamah jaman masih budak keneh, asanamah baheula teh lamun ka Ciamis sok ngala lauk beunteur jeung remis di selokan, sok atuh kirim poto Anung anu pang anyarna, atanapi poto keluarga Kang Memet (Bapa Na Anung) engke di posting di Blog iyeu. Tambih nikmat jiganamah lamun Sangu haneut eta di baturan jeung goreng lauk mujaer garing, peuteuy jeng sambel tarasi anu lada ....