Kamis, 27 Desember 2007

Sangu haneut dina dulang

Posting ini di copy dari komentar "bubuy sampe" yang ditulis Anung, maksudnya supaya bisa langsung di Baca, tidak perlu masuk ke komentar yg kadang suka susah/lama masuknya
----------------------------------------------------------------------------------
Ass.Wr.Wb..
Sateuacana abdi bade ngenalkeun diri khususna kanu teuacan kenal, pami tos kenal teu aya salahna mengenal deui.Abdi Anung putra kang memet, incuna aki hanapi ti ciamis tea. Ari ku bi mia-mah (putrana aki ali dinar)sok dicalikan "rusdi". Ayena simkuring linggihna di magetan, jawa timur.Kamariteh tos dua kali kenging uleman ti mang ukas supaya menghadiri ririungan keluarga besar arkan, tapi hapuntena bae da geuning waktosna teh bentrok wae sareng padamaelan. Ngke sanes waktos upami aya rejeki insyaallah sumping.
Ari nu kaemut keneh kuabdi mah waktos uu (mbah buyut) kancana aya keneh, eta mun aki hanapi atanapi aki2 nu sanesna uih jumatan teh sok ngajugjug bumi uu ngadon ngaropi mani nikmat katingalinateh, teras sok mindeng disauran ku nini etin (anung mah manggilnateh nini mamih)dipiwarang emam, teu pira ngan sangu haneut dina dulang dipurulukan kurupuk terus ditutug da mani raos atuh, menu laina teh sangu haneut diolesan mentega wungkul mun piringna katingali bersih keneh teh sok tara dikumbah ieuh (har jorok). Mun makan ngariung sareng uu kancana termasuk nini mamih pan sok direwong ku ucing, tah mun tos ngarasa rudet da uang eong wae na etamah nini mamih teh nyoel sambel tarasi trus belewek we kana sungut ucing, atuh ucing teh majuna mundur da biwirna lada cnah.
CECEP (abdimah nyebatnateh mang, jadi mang cecep) tos lami tara pendak duka emuteun keneh teu ka abdi (anung), da sering pendak teh waktu abdi alit keneh mun aki tio (bapana mang cecep ngontrol pembangunan rumahna) ka ciamis.Aya lagu heurey mun mang cecep ka ciamis teh, kieu laguna "cepot dawala kupat kepot dinu bala" (punten mang cecep nya).
Mung sakitu heula perkenalan abdi teh, punten bahasana rada-rada amburadul da teu aya batur ngobrol sunda di jawa mah, sareng punten we komentarna tebih tina bahasan.
Upami aya kabar berita tiasa kirim email ka anung, alamat :
ditulis ku Anung
----------------------------------------------------------------------------------

Walaikum salam,
Euleuh-euleuh ieu teh Anung, meuni tos ageng nya (padahal teu katingali) tos didamel, tangtos bae atuh Cecep mah apal, haritamah jaman masih budak keneh, asanamah baheula teh lamun ka Ciamis sok ngala lauk beunteur jeung remis di selokan, sok atuh kirim poto Anung anu pang anyarna, atanapi poto keluarga Kang Memet engke di posting di Blog iyeu. Tambih nikmat jiganamah lamun Sangu haneut eta di baturan jeung goreng lauk mujaer garing, peuteuy jeng sambel tarasi anu lada ....
Cecep

4 komentar:

Anonim mengatakan...

Waalaikumsalam Wr.Wb.
Nuhun Nung tos mecenghul dina ieu blog, sok sanaos patebih mugi tetep urang tiasa komunikasi, via alam maya sok ramekeun tah kubarudak ngora nya.
Waktos kempel dibumi Mang Budi, aya dongkap bapa, Ibu + Indra
Iraha ngondang nikah ? Ke keluarga Arkan urang aleutkeun ka Magetan, diantos. Salam ti wargi di Bdg

Anonim mengatakan...

Hatur nuhun sateuacana mang bud, tapi ari bade nikah sareng urang wetanan-mah da geuning aya itung-itunganana, duka naon nu diitung da anung mah matak rieut. Ari anung mah kahoyong teh sasih naon wae nu penting lancar en salamet.
Ari gambaran kasar namah antawis sasih 5-6, tahun 2008, tanggalna duka. Muhun atuh upami kersa ngaleut ka magetan mah hatur nuhun pisan diantos ku anung dina wancina. Wass.

Anonim mengatakan...

[B]NZBsRus.com[/B]
Escape Idle Downloads Using NZB Files You Can Hastily Search Movies, PC Games, Music, Applications & Download Them @ Rapid Rates

[URL=http://www.nzbsrus.com][B]Usenet Search[/B][/URL]

Anonim mengatakan...

Infatuation casinos? be supportive of this sprouts [url=http://www.realcazinoz.com]casino[/url] president and origination online casino games like slots, blackjack, roulette, baccarat and more at www.realcazinoz.com .
you can also dissect our late-model [url=http://freecasinogames2010.webs.com]casino[/url] depart at http://freecasinogames2010.webs.com and discipline corporeal folding put out into !
another distinguishable [url=http://www.ttittancasino.com]casino spiele[/url] quarters is www.ttittancasino.com , suited for the perks of german gamblers, drop upon during well-wishing online casino bonus.