Senin, 12 November 2007

Ti Bumi Kang Ukas

Assalamu Alaikum, wr. wb.

Dinten saptu kaping sapuluh kamari Metty sareng Annie istrina Gaha ka bumina Kang Ukas di Bekasi, masihkeun serat uleman pertemuan keluarga ARKAN kaping 9 Desember di Bumi Kang Budi Bandung. Eta serat saur kang Ukas bade di kintunkeun nganggo POS ka bumi keluarga Arkan. Uihna Kang Ukas masihkeun sababaraha poto, diantawisna poto iyeu. Aya anu terang teu eta poto waktos iraha tahun sabaraha, dimana, meuni begang pisan Gaha. Kang Ucup, Kang Ukas, Kang Yodi meuni bingah pisan katingalina, bahagia. ari anu motona saha nya ?
nuhun
Gaha

Tidak ada komentar: