Selasa, 25 Maret 2008

Serat ti Magetan

----- Original Message ----
From: Anung Kurniawan glodok@hotmail.com
To: nugraha94@yahoo.com
Sent: Saturday, March 22, 2008 1:29:08 PM
Subject: istilah Sunda
----------------------------------------------------------
Ass.Mang cep, terakhir kali muka blog arkan teh maca posting sebuah komentar nu menggelitik, nyaeta tentang istilah/bahasa sunda nu ku generasi 3 ato 4 kel. arkan tos teu terang. Kumaha mun mang cecep ngadamel istilah2 bahasa sunda siga "ngabubuy" seperti ku mang cecep sebat. Tong boroning genre nu lahir, tumbuh dan berkembang di luar sunda, anung ge kadang sok rada mikir mun aya istilah sunda nu pernah nguping tapi hilap deui. Seuer geura mun dipilarian-mah istilah2 sunda teh, siga:
1. ngabubuy ( membakar/panggang (umumnya umbi2an) denga cara memendam kedalam bara/abu yang masih panas )
2. ngabuburit ( jalan2 disore hari sambil menunggu waktu buka puasa )
3. rarampeolan ( tah etamah anung ge hese, he he.. )
4. dll..
Pan teu lucu mun aya nu naros, "mo kemana?", "mo jalan2 sambil tunggu buka puasa nich"panjang, tidak padat dan tidak berisi, beda sareng : "kamana njum?", "ngabuburit euy". Entah tujuannya kamana tapi singkat, padat dan berisi.
Upami aya info, kirim wae ka anung.kurniawan@yahoo.co.id.
Hatur nuhun. Wass..
------------------------------------------------------------------
Nuhun Kahartos maksadna Anung, hanjakal simkuring oge lamun nyarios atanapi nyerat nganggo bahasa sunda teh kedah mikir-mikir heula sok harilap deui, benteun sareng Kang Ucup, Kang Yaya, Kang Budi mun nyarios sunda meuni nereleng lancar. Tapi lamun ngadangukeun anu nyarios sunda mah hapir sadayana ngartos. jiganamah penyebana bahasa sunda teu dianggo unggal dinten, jadi harilap deui. Lamun di pilarian istilah-istilah sunda iyeu jiganamah aya di situs-situs sunda, engke ku abdi dipilarian atanapi di rangkum.
CCep
-------------------------------------------------------------------
Komentar Kang Yaya:
Minggu kamari mun teu salah mah, KY maca dina Kompas edisi Jawa barat, ti tahun1950 ge basa Sunda teh geus dipikahariwang bakal lleungit ti tatar Sunda teh. Tapi gening tepi ka ayeuna oge urang masih sok nyarita ku basa Sunda sok sanajan henteu terus-terusan. Jigana ari leungit mah moal paling "mengalami semacam evolusi." Salah sahiji conto evolusi anu karasa pisan nyaeta cara ngagunakeun basa Sunda anu beda keur sorangan (orang kesatu) keur lawan bicara (orang kedua) keur batur (orang ketiga), keur ka saluhureun, sahandapeun jeung keur anu sapantar atawa keur sato. Daek medu, kuring ge geus teu bisa kudu nyarita model kitu mah.Paling-paling Bi Esih, Bi Etin, Kang Memon, Kang Memet, adi Budi atawa adi Ucup anu masih lancar ngagunakeunana. Tah ayeuna teh ari anu kandenge ampir unggal poe teh, basa Sunda anu lempeng bae, keur ka saluhureun atawa sahandapeun atawa ka sato oge sarua, malah loba anu tibaralik. Gera urang talingakeun si Komar nanyakeun hayam anu leungit ka indungna. "Ema, kamana hayam Omay?" Ari jawab indungna teh, "Apanan tos pupus kamari, Omay." Eta deuleu, meni nyebut pupus ka sato, lamun kadangueun ku Nini Kancana pasti diseuseulan tah indung si Komar teh.

Aya hiji deui conto pamakean basa Sunda jaman kiwari anu matak pikasediheun. Teuing ieu teh tandaning evolusi atawa tandaning ruksana basa urang. Waktu kuring rek ngamimitan ngumbara ka Sumbawa Besar, unggal kalimat-kalimat tertentu lazim ngagunakeun kecap "euy" dina tungtung kalimat. "Kamana, euy?" "Kadieu, euy." Kecap "euy" teh di Sumbawa mah sarua jeung "mo" , "Jangan begitu, mo" atawa "Apa, mo." Lamun di Pare-pare eta kecap teh jadi "mi." "Mau jalan-lan keman, mi" atawa Ini, miii!" Ari di Manado kecap eta teh jadi "jo." "Eh, ngana jang bagitu, jo" atawa "Kamari, jo, ngana" Tah, eta kecap mo, mi jeung jo teh karasana mah can barobah, tapi ari kecap euy mah geus diganti ku sabagian pamake basa Sunda teh jadi "njing" atawa "anjing."

Harita teh kuring cuti panjang ti Manado jadi rada lila di Bandung teh. Ampir di unggal tempat, anu ngaranna supir angkot, preman, barudak sakola nyarita Sunda na teh ampir henteu ditungtungan ku kecap, "euy" tapi geus ganti ku kecap "njing" atawa "anjing." Geura urang talingakeun. "Maneh tara datang deui ka si Nani, jing?" "Tara, anjing." "Kunaon, goblog?" "Manehna teu meunang kaluar ku bapana, anjing teh, aing jadi lieur." Anu matak nambah prihatin teh eta kecap anjing teh meni geus jadi lalab jeung lain lalaki wae anu nyarita model kitu teh dalah loba oge budak awewe loba anu katularan. Urang manado bae anu sok ngadaharan anjing tara tara ngomong ku ditungtungan ku kecap anjing, kecuali lamun keur ambek pisan.

Dina tulisan Anung aya sababaraha kalimat anu hese diindonesiakeunnana, eta jigana geus lumrah da ti baheula ge aya sababaraha kecap tepi ka ayeuna teu bisa diindonesiakeun, saperti "clom giriwil" istilah dina mancing. Jeung anu matak hese nerjemahkeun basa Sunda teh, urang geus lila tara make paribasa. Jiga "ngadu bako", istilahna adi OO dina shout box, eta teh pan sarua jeung ngobrol bari ngawadul tapi beda deui jeung paguneman catur istilah anu leuwih daria keur nyebutkeun anu diskusi.

Bilih aya nu peryogi, ku KY sakalian dikirimkeun file 700 paribasa Sunda. ka cecep sakantenan bae pang-upload-keun,nya.

Cag, ah.
------------------------------------------------------------------

Tidak ada komentar: