Selasa, 15 Januari 2008

KANG YAYA NGALALANA, (Bagian kahiji: ka Sumbawa Besar)

Ti baheula ge geus katelah cenah urang Sunda mah kurung batok, iwal ti urang Tasikmalaya meureun, tara aya nu ngahaja ngumbara jauh. Rajeun ngumbara jauh teh biasana mah bakating ku kapaksa saperti anu karandapan ku kuring, dipindahkeun digawe ka Sumbawa Besar, kudu neangan pangalaman pajarkeun teh. Saacana, tepi ka digawe 14 taun jadi Pegawai Negeri Sipil teh, perjalanan paling jauh ngan semet Yogyakarta jeung Semarang. Eta age pedah weh dipapaksa babaturan hayang mudik bari dibarengan.

Sabenerna mah kuring teh kaasup borangan ari indit-inditan jauh teh komo bari jeung teu boga bekel mah. Harita teh tahun 1994 waktu kuring kudu indit ka Sumbawa Besar, hiji tempat anu pernah kadenge na oge hawar-hawar, teuing di daerah mana ayana.

Ti satutasna meunang beja kuring kudu ka Sumbawa Besar, buru-buru uras-urus susuratan jeung neangan tiket pesawat. Jaman harita mah ampir teu aya penerbangan swasta teh iwal ti carteran. Neangan tiket ge teu jiga ayeuna tinggal telepon langsung dianteurkeun, harita mah ampir teu aya agen perjalanan pesawat anu on-line teh. Nya kuring teh langsung bae pesen tiket ka kantor perwakilan Merpati (harita mah dihareupeun Hotel Homan).

Awal bulan April mun teu salah mah kuring miang teh. Peutingna rek indit kuring sakeluarga bari angkaribung ngendong di imah kolot, Dunguscariang, supaya bisa ngadeukeutan ka bandara Husen Sastranegara. Keur budak mah sok ngahaja laleumpang jeung babaturan ka Husen teh, ngadon lalajo balap motor. Isukna, isuk-isuk keneh, rabul dulur-dulur jeung tatangga anu rek nganteur, jiga nu rek naek haji wae. Maklum atuda, saperti anu geus dicaritakeun diluhur, urang Sunda mah jarang anu indit jauh. Jadi lamun aya anu rek indit jauh model kuring teh mangrupakeun hal anu luar biasa. Komo deui ieu rek naek pesawat katambah bandarana deukeut.

Meuli tiket teh ngan tepi ka Mataram Lombok transit di Surabaya, henteu langsung ka Sumbawa Besar. Lamun rek naek pesawat tepi ka Sumbawa Besar kudu ngendong heula di Denpasar da euweuh penerbangan anu matching ti Bandung ka Sumbawa Besar mah. Ti Mataram badarat make beus kira-kira dua jam ka wetankeun. Anu dijugjug teh palabuhan kapal penyebrangan (fery). Di palabuhan, beus jeung panumpangna diasupkeun kana fery, terus berlayar ka pulau Sumbawa.

Sabenerna mah kuring teh geus pernah ningali laut, di Pangandaran jeung di Jakarta. Tapi da eta mah ngan saukur ti sisina, ari ayeuna mah rek ngambah katengah sagara. Sok sanajan perjalanan laut ieu ngan ukur dua jam jeung lain masa pancaroba anu mangsana laut motah, teu burung hate mah tagiwur pinuh ku hariwang. Satenang-tenangna oge laut ari ditengah mah jiga nu ngagolak we nu aya. Kapal fery teh ari ditengah laut mah lain ngageuleuyeung tapi ampul-ampulan diulinkeun ombak hese pisan majuna teh. Kuring jeung euceuna mah ngahephep bae bari lieuk deui lieuk deui ningali ombak laut anu sakitu gedena. Anehna teh ari budak mah (Indri, harita umurna tilu satengah taun) teu aya riuk-riuk sieun, anteng we ngadaharan chiki bari ningali panumpang anu lalar liwat.

Geus wanci sore kira-kira jam limaan fery ngadeukeutan palabuhan Pototano Sumbawa. Ti kajauhan keneh geus katingali gunung-gunung anu warnana semu coklat, cirina batu atawa taneuh gunung anu teu bogaeun leuweung, tur katojo panon poe sore. Aya tatangkalan sautak-saeutik ge gararing kapanasan halodo. Hara-haraeun pisan, aya rasa serem ningali pamandangan model kitu teh. Mun kongang mah hayang balik deui ka Bandung.

Ti palabuhan Pototano ka Sumbawa Besar dipaju badarat deui kira-kira tilu jam. Sajajalan, memeh poek, ampir teu katingali aya hejo-hejo, sakur tatangkalan boh nu aya disisi jalan atawa diburuan imah-imah anu kaliwatan ku beus caroklat, gararing, kulantaran geus kalilaan teuing teu ngambeu cai.

Wanci isa tepi ka Sumbawa Besar teh. Kulantaran geus peuting teuing, kuring sakeluarga terus bae ka penginapan. Isukna ka kantor ngadon lapor terus ningalian imah dinas di gigireun kantor. Meni ngenes ningali imah dinas anu bakal dicicingan teh, jauh-jauh ti Bandung kabagian imah dinas omeaneun, kusen panto jeung jandela barolong ku rinyuh, kenteng balocor. Katingalina mah geus teu layak huni.

Di pulau Sumbawa mah kabeh bangunan imah atawa kantor hateupna lain tina kenteng tapi make seng gelombang. Atuh ari hujan teh gandeng. Hujan saparalak bae gandeng , komo lamun hujanna gede pisan mah sarua jeung cicing dina gerbong pembangkit kereta api.

Saacan neruskeun cacaritaan, supaya teu bingung urang tempo heula posisi Sumbawa Besar dina peta. Dibelah wetaneung pulau Jawa teh aya propinsi Nusa Tenggara Barat (NTB). Propinsi NTB ieu boga dua pulau nyaeta pulau Lombok jeung pulau Sumbawa, wetanenunnana. Pulau Sumbawa harita mah ngabogaan tilu kabupaten, nyaeta kabupaten Sumbawa, kabupaten Dompu jeung kabupaten Bima. Tah Sumbawa Besar anu rek dicicingan ku kuring teh mangrupakeun kotana kabupaten Sumbawa. Gedena kota Sumbawa Besar teh lamun dibandingkeun jeung Bandung mah ngan ukur sacangkewok, jeung Antapani ge, komplek perumahan di Bandung, masih keneh gede Antapani.

Cuaca/suhu udara di Sumbawa Besar mah kagolong ekstrim. Ti subuh tepi kasubuh teh ngan bayeungyang wae. Ari hujan, dina sataun teh datangna ngan ukur sabulan antara Desember jeung Januari. Diluar bulan eta mah, garing wae jeung panas nu aya. Lamun ningali ramalan cuaca dina TV, suhu udara di Sumbawa Besar mah tara kurang ti 34 derajat celcius, sering tepi ka 35 bahkan tepi ka 36 derajat. Kota anu panasna ngadeukeutan Sumbawa Besar mah katingalina ngan ukur Surabaya.

Di Bandung mah ari kapanasan teh sok ngiuhan handapeun tatangkalan, ni’mat teh karasana tepi ka hayang nundutan. Di Sumbawa Besar mah bororaah, rek cicing handapeun naon bae, iwal cicing handapeun cai meureun, tetep bae hareudang. Lamun nyanghareupan kipas angin, awak bagian hareup karasa tiis tapi tonggong maha angger bae kesangan. Di kantor teh aya dua ruangan anu make AC nyaeta ruangan Kepala Kantor jeung ruangan komputer. Lamun geus teu karuateun, ruangan komputer anu gedena ngan ukur tilu kali opat meter teh pinuh ku pagawe. Kulantaran loba teuing jelema, jadi tetep bae panas karasana.

Bakating ku panas loba kaum awewe di Sumbawa Besar mah teu rek kolot teu rek budak buukna rada beureum bari tuntung buukna teh bareulah malah budak sorangan oge ampir jiga kitu buukna. Kulitna oge loba anu harideung tapi lain hideung pigmen-na, ieu mah hideung balas kapanasan.

Sok sanajan isuk keneh lamun ganti baju teh sok hoream. Baju anu ditilepan atawa digantung dina lomari lamun dipake sanggeus mandi, eta baju teh karasa panas saperti baju meunang ngistrika langsung dipake.

Titatadi ngomongkeun hawa panas, kumaha ari jelemana? Urang Sumbawa mah sarua bae jeung urang Sunda, saromeah, resep nulungan. Ari usaha anu poko-na mah kurang nyaho kuring teh, ari nu di pantai mah jaradi nelayan, anu di darat jadi petani kedelai, jadi peternak kuda atawa sapi jeung rea rea deui. Ari pejabat penting atawa pengusaha penting mah lolobana urang luar Sumbawa malah waktu harita mah bupatina oge, Yakob Koswara, urang Ciamis. Aya sabaraha urang Sumbawa anu jadi tokoh nasional diantarana, Feisal Tamim jeung Din Syamsudin.

Kuring teh ngarasa loba batur da loba oge urang Sunda anu ngumbara kapaksa. Tah urang Sunda teh nyieun perkumpulan, anggotana lumaya loba oge, aya sababaraha urang anu jadi pejabat teras. Aya oge guru-guru anyar lulus IKIP (ayeuna mah UPI) anu ditempatkeun didinya. Di PT Telkom jeung Kantor Pos ge aya urang Sundana. Sabulan sakali aya silaturahmi bari arisan.

Kumaha soal dahareunana? Tah ieu anu rada susah teh, kadaharan urang Sumbawa mah loba anu teu cocok jeung letah kuring mah. Rek didongengkeun teh dahareun anu cocok we da ari nu teu cocok mah geus poho deui ngaranna oge.

Geus nguping, pelecing kangkung? Di daerah Sumbawa jeung Lombok mah pelecing kangkung teh kadaharan wajib jeung memang ngeunah karasana, komo lamun ngadaharna di restoran mah. Sebenerna mah unggal sore oge sok aya nu ngajual pelecing kangkung ka kantor. Eh, can dicaritakeun nya, jiga kumaha pelecing kangkung teh. Mun di urang mah seupan kangkung dipurulukan kalapa meunang marud terus di galokeun make leungeun, tepi ka hinyai leungeun bibi anu ngajual teh. Terus seupan kangkung jeung kalapa anu meunang ngagalokeun teh dikucuran sambel tarasi encer make jeruk mipis. Mun di urang mah sarua wae jeung urab kangkung disambelan, ari bedana pelecing kangkung mah teu make cikur.

Lamun ayam taliwang mah, geus aya nu terang meureun nya, da geus aya restorannana ge, boh di Bandung atawa di Jakarta. Ayam taliwang teh daging hayam ngora dibakar jiga bakakak, terus digoreng, terus dibanjur ku sambel cengek beureum. Ladaaa teh.

Seperti di urang di Sumbawa Besar ge aya gado-gado. Gado-gado eta teh ngan saukur seupan kangkung jeung toge ditambah lontong anu geus dikeureut ipis-ipis, mun teu salah mah make kurupuk. Lumayan paranti sarapan. Aya anu anehna nyieun gado-gado teh, waktu gado-gado geus jadi terus dipindahkeun kana daun anu meunang dicangkedong. Apan sok aya sesa bumbu dina coetna, eta sesa bumbu teh sok dikerok tepi ka beresih coetna. Kunaon cik ngerokna? Ku karet ban luar! Teuing urut ban motor teuing urut ban mobil. Eta karet urut ban luar teh ukuranna kira-kira 10 x 10 cm. Beuki lila teh tangtuna oge beuki beak eta karet ban teh, nya. Jadi kuring ge kaasup anu ngasaan eta karet ban teh. Da mindeng pisan atuh ngadahar gado-gadona oge.

Aya hiji deui soal dahareun anu kudu dicaritakeun teh nyaeta baso. Seperti di pulau Jawa di Sumbawa Besar ge loba tukang emih baso teh dalah anu dagangna oge orang Jawa, tapi rasa kuahna beda seperti aya bumbu nu aneh heug rada nyengat. Tapi kuring, si euceuna jeung budak sering dahar baso teh. Sok sanajan karasa teu cocok kana letah kuring tetep sok meuli tapi basona wungkul. Eta baso teh di coelkeun kana saos tomat dicampur sambel tur dikecapan anu disimpen dina pisin. Baso di Sumbawa Besar mah, iwal ti kuahna, leuwih karasa ngeunah tibatan di Jawa. Lamun di Jawa mah baso teh leuwih loba tariguna ari dagingna saeutik. Di Sumbawa Besar mah baso teh sabalikna ngeunah pisan da ampir daging wungkul.

Kunaon pangna baso di Sumbawa Besar loba dagingna. Di Sumbawa mah loba sapi jeung kuda. Eta sapi jeung kuda teh henteu dicangcang atawa di kandangan tapi diliarkeun we. Moal pahili da dina bujurna aya cap. Kuring pernah ningali kumaha carana ngecap eta bujur sapi. Pelat besi anu geus dicitak make tanda atawa hurup digagangan terus di panaskeun. Saenggeus panas eta pelat besi teh di antelkeun kana bujur sapi. Untung sapina di borogod heula coba lamun henteu…

Miara kuda di Sumbawa sarua jeung kana sapi, diabur. Sawaktu waktu kuda teh sok diperes susuna, kuda bikang tangtuna oge. Kulantaran kudana diabur, susuna teh disebut we susu kuda liar Sumbawa. Tah apan di Bandung jeung Jakarta oge geus katelah, jeung loba iklan yen susu kuda liar Sumbawa teh bisa ngubaran macam macam panyakit. Eta susu kuda teh sabenerna mah paling kuat oge ngan genep jam. Pernah aya bos di Jakarta dikirim susu kuda Sumbawa, carana eta susu di asupkeun kana botol akua plastik terus di asupkeun kana termos es, si botol teh diselapkeun di tengah tengah es batu, di bawana oge kana pesawat, tiap sababaraha jam esna di ganti. Kuring pernah ngasaan eta susu kuda teh rasana teu jauh ti cai tajin. Jadi anu di maksud susu kuda liar Sumbawa di Bandung atawa di Jakarta teh bohong. Paling-paling eta mah susu kuda ti Pangalenga atawa Lembang.

Waktu keur di Sumbawa Besar teh pernah aya babaturan awewe ti kantor asal kuring ti Bandung. Eta awewe teh geus dua tahun kawin tapi teu boga budak. Kuring disuratan menta dikirim susu kuda, sabaraha wae ge biayana bakal di gantian, cenah. Manehna teh meunang beja yen susu kuda teh bisa membantu kehamilan. Kulantaran moal mungkin ngirim susu kuda teh nya kukuring dibalesan, lamun hayang susu kuda Sumbawa mah datang bae ka Sumbawa Besar terus depa handapeun kuda. Tepi ka ayeuna eta awewe teh teu daek nanya ka kuring. Padahal kadieunakeun mah gening teu burung rendey anakna teh.

Sakali-kali ari libur sakola panjang kuring sakeluarga sok balik ka Bandung. Kulantaran hayang ngirit sakali mah nyobaan naek beus ti Sumbawa Besar ka Bandung. Di jalanna tilu poe dua peuting, bayangkeun, bari jeung meuntasan tilu selat: selat Sumbawa, selat Lombok jeung selat Bali. Di selat Lombok kuring manggih pangalaman anu matak kapok naek fery. Cai laut selat Lombok teh mangrupakeun pertemuan dua samudra anu arusna gede. Lamun meuntas teh kapal fery teu bisa langsung motong kitu wae, da bisa tibalik. Ti pelabuhan Lembar di Lombok si kapal kudu nuturkeun arus heula ka belah kidul ngadeukeutan samudra Hindia terus lalaunan mengkol, terus weh ka pelabuhan Padang Bai Bali. Salila perjalanan eta teh laut keur motah pisan jiga ngagolak. Cai laut teh tepi ka muncrat kaluhureun kapal, kuring mah jeung si eceuna geus ngarasa pusing bari jeung sieun. Ari budak mah lain sieun kalahka leuleumpangan sakitu kapal keur goyang teh bari cicirihilan : “Lihat, Pa, Indri engga pegangan”, cenah. Teu kacaturkeun deui kumaha pasiksakna awak sajajalan ti Sumbawa Besar tepi ka Bandung teh. Sanajan beusna executif oge ari ku jauh jauh teuing mah angger bae ripuh. Tepi ka Bandung teh suku barareuh balas teu di gerakkeun sakitu lilana. Kondisi awak turun pisan. Teu mangkuk dua poe kuring di opname di RS Rajawali keuna ku tipes. Atuh duit tina ngahemat teh ludes weh dipake mayar ka rumah sakit.

Aya hiji pangalaman anu moal bisa kapopohokeun. Budak kuring, Indri, harita masih taman kanak-kanak, meunang kacilakaan lamun di ingetan matak reuwas kareureuhnakeun. Poe eta teh seperti biasa ari kasakolana dianteurkeun make mobil kantor. Palebah hareupeun sakolana waktu mobil can eureun pisan budak teh luncat terus labuh. Sawaktu labuh telapak sukuna kapencet antara ban mobil anu muter keneh jeung sisi trotoar. Eta telapak sukuna teh kagiles ku ban untung bae masih kahalangan keneh ku sapatu da nepi ka pejet atuh sapatuna oge. Budak teh terus weh dibawa ka rumah sakit Sumbawa besar. Ku rumah sakit tulang telapak sukuna dianggap aya nu potong. Saeunggeus di bere obat luar sababaraha waktu terus di gips.

Dina proses eta teh aya hal hal nu matak ginggiapeun tepi ka ayeuna. Fasilitas rumah sakit Sumbawa Besar teh masih terbatas jigana. Budak teh teuing di suntik naon da sapoe aya kana tilu kalina. Anu matak ngarasa teu ngareunah teh saenggeus di suntikkeun eta alat suntik jeung obatna nu aya keneh dina ampul diantep sina napel dina suku budak. Isuk isuk dipencet keun saeutik, terus tengah poe, terus sore. Jadi lamun geus di suntikkeun eta alat suntik teh teu dicabut.

Anu matak nyeri hate mah nya eta diagnosa anu ti heula teh salah. Saminggu tiharita waktu dikontrol ka rumah sakit, saenggeus di ronsen deui ternyata kanyahoan tulang telapak suku budak teh teu aya nu potong, buru-buru weh gipsna dibuka. Kulantaran lukana aya keneh terus aya kana samingguna katutupan ku gips eta luka teh ampir buruk. Saenggeus kanyahoan kitu mah terus bae di betadinan unggal poe. Kulantaran salah diagnosa tea, tepi ka ayeuna dina tonggong telapak suku budak teh aya tapakan.

Cag heula sakitu, ah. Engke kahareup lamun pareng urang tuluykeun ku pangalaman waktu ngumbara ka Pare Pare.
ditulis oleh Kang Yaya.
-------------------------------------------------------------------------------------
Versi Bahasa Indonesia (belum selesai) bisa di download di : http://www.box.net/shared/g0trwjnoko

Tidak ada komentar: