Minggu, 06 Januari 2008

Glodok

Lah.... naon hubunganna Glodok sareng keluarga Arkan, lamun Ciamis tangtos baé rakeut pisan sareng keluarga Arkan mah, ternyata aya.... kieu geura dongéngna :

Kanggo anu bumina di saputaran Jabotabek sebatan Glodok tangtos teu asing sareng tos akrab yén Glodok téh tempat atanapi kawasan anu icalan peralatan éléktronik, peralatan listrik, komputer, DVD b*j*k*n, dll anu mirah.

Dina hiji poé aya komentar di Blog Arkan ti Anung dina pangtungtungna komentar diserat alamat email Anung, éta alamat email téh geuning aya kata-kata Glodok, timbul pertanyaan naha Anung milih Glodok kanggo alamat emailna meureun aya hubungan atanapi kajadian special di Glodok ceuk simkuring dinahaté. Sakali ngabales email ka Anung can naroskeun alasan naha milih Glodok, waktos Anung ngabales email nu kadua ngawartoskeun yén Anung téh kantos didamel di Jakarta salami genep taun!!, langsung baé simkuring téh ngambil kesimpulan pantesan milih Glodok da pernah tinggal lami di Jakarta meureun sok ameng ka Glodok. Tapi Anung ngawartosan yén maksudna sanes glodok jakarta, tapi dukuh (desa) glodok tempat Anung tinggal di Magetan Jawa Timur... Oh... kitu.... da simkuring mah teu terang, Sugan Glodok téh ngan aya di Jakarta baé singhoréng di Magetan aya ogé Glodok....
Cecep
-------------------------------------------------------------
Versi bahasa Indonesia dapat di download di : http://www.box.net/shared/w9doh8p444

3 komentar:

Anonim mengatakan...

hiks...hiks... Om Gaha saya ga ngerti hiks...hikss...
Oya... saya Fitri generasi ke3 keluarga arkan, cucunya nini kancana... anak dari alm Imay kurniasih, berhubung saya lahir dan besar dijakarta, jadi saya ga ngerti, apalagi kalo sunda halus, hiks...hiks..., memang mayoritas keluarga arkan asli sunda, tapi kami para generasi ke3 dan ke4, tidak paham bahasa sunda... hiks..hiks.. bisa jadi dwibahsa ga.. itung2 belajar bahasa sunda...

Anonim mengatakan...

Fitri selamat bergabung, Mang Gaha baru tau Fitri tinggal di Jakarta, tinggal di mana di Jakartanya ?.. gitu ya.. jadi Fitri ngak ngerti B. Sunda, Mang Gaha akan berusaha meng Indo kan, tapi mungkin tdk akan 100% sama, karena kadang tidak ada terjemahannya dalam B. Indo misalkan "ngabubuy" ngak ada B. Indonya... mirip di bakar atau di panggang tapi tetap tidak sama. kirim ya foto-foto Fitri dan keluarga Umi kaka Fitri.

Unknown mengatakan...

Koreksi, Fitri itu Cucunya Alm Nini Supiah, buyutnya Nini Kancana.
Fitri kirimin foto ke email Mang Gaha, keluarga Dedi, Umi, Fitri sama Satria (generasi 4 Arkan = bao), Cep, kalau basa Indonya buyut - bao - jangawareng - udeg2 apa ?. Salam