Selasa, 09 Juni 2009

Pernikahan Dinni sareng Willy

Assalamu alaikum Wr. Wb,
Alhamdulillah pernikahan kami, Dinni Destiani (putrinya Kang Budi Sahbudin) dengan Nurwilliansyah pada hari sabtu 16 mei 2009 di gedung Kodiklat- Kologdam Jl Aceh no 50Bandung, atas Ridha Allah SWT telah berjalan dengan lancar tanpa halangan yang berarti. Ieu sadayana teu leupas tina bantuan doa, tanaga sareng dukungan ti wargi-wargi Keluarga besar Arkan. Dinni sareng Willy oge keluarga pun Bapa Budi Sahbudin ngahaturkeun nuhun anu saageung-ageungna kanggo kulawargi anu tiasa sumping dina waktos akad nikah atanapi resepsi pernikahan abdi. Hatur nuhun oge kanggo kulawargi besar ARKAN anu kapeto janten panitia nyoceng waktos nyangkolonga tanaga kanggo ngarojong nyukseskeun prosesi cara pernikahan.
Mugia Allah SWT ngabales kasaean emang, bibi, uwa, aki, nini, teteh, adi sadaya ku pahala anu langkung ageung. Karaos kuayana tali silaturrahmi Kulawargi ARKAN ageung pisan mangpaatna, duduluran tambih pageuh. Sareng deui supados teu pareumeun obor saurna mah. Nepangkeun tambihan wargi enggal Arkan caroge teh namina Nurwilliansyah biasa disauran Willy, sateuacana linggih di Ciputat Tangerang. Sok Sanaos sanes urang sunda anjeuna resep ulubiung, aya kahoyong neuleuman budaya/kabiasaan urang sunda, mugia keluarga besar ARKAN tiasa nampi kalayan kabingahan.
Neda Pidu'a tisadaya wargi mugi sim kuring kalih pun lanceuk dipaparin kalancaran dina napak hirup anu anyar, mayunan rumah tangga kalayan janten keluarga Sakinah, Mawaddah, Warrahmah, amin.

Tidak ada komentar: