Sabtu, 20 Juni 2009

acara pertemuan tanggal 16 Agustus 2009


Jika ingat ciamis secara otomotis tergambar kolam-kolam ikan yang berhamparan yang terus menerus di aliri air dari pancuran pi betaheun ikan-ikan, di Ciamis mah ikan selalu ada, agar pertemuan keluarga Arkan nanti Agustus meriah, kita adakan lomba khusus untuk anak-anak, kan incuna Nini Kancana (=cicit) masih murangkalih antara TK dan SD salah satu lombanya yaitu lomba menangkap ikan di kolam, kolamnya kolam buatan aja dari plastik, kalau kolam yang ada mah meureun bisi terlalu dalam, kira-kira seperti foto diatas. Minta tolong aja ke wargi nu di ciamis pang milarian keun ikan, sebaiknya ikan mas atau sejenisnya yang kecil-kecil supados teu aya duri, da kalau ikan mujaer-mah banyak duri nya, bisi ka tusuk eta tangan murangkalih. Silahkan ka wargi-wargi bilih gaduh usulan acara untuk menjalin keakraban diantara keluarga Arkan.. diantos.

Selasa, 09 Juni 2009

Pernikahan Dinni sareng Willy

Assalamu alaikum Wr. Wb,
Alhamdulillah pernikahan kami, Dinni Destiani (putrinya Kang Budi Sahbudin) dengan Nurwilliansyah pada hari sabtu 16 mei 2009 di gedung Kodiklat- Kologdam Jl Aceh no 50Bandung, atas Ridha Allah SWT telah berjalan dengan lancar tanpa halangan yang berarti. Ieu sadayana teu leupas tina bantuan doa, tanaga sareng dukungan ti wargi-wargi Keluarga besar Arkan. Dinni sareng Willy oge keluarga pun Bapa Budi Sahbudin ngahaturkeun nuhun anu saageung-ageungna kanggo kulawargi anu tiasa sumping dina waktos akad nikah atanapi resepsi pernikahan abdi. Hatur nuhun oge kanggo kulawargi besar ARKAN anu kapeto janten panitia nyoceng waktos nyangkolonga tanaga kanggo ngarojong nyukseskeun prosesi cara pernikahan.
Mugia Allah SWT ngabales kasaean emang, bibi, uwa, aki, nini, teteh, adi sadaya ku pahala anu langkung ageung. Karaos kuayana tali silaturrahmi Kulawargi ARKAN ageung pisan mangpaatna, duduluran tambih pageuh. Sareng deui supados teu pareumeun obor saurna mah. Nepangkeun tambihan wargi enggal Arkan caroge teh namina Nurwilliansyah biasa disauran Willy, sateuacana linggih di Ciputat Tangerang. Sok Sanaos sanes urang sunda anjeuna resep ulubiung, aya kahoyong neuleuman budaya/kabiasaan urang sunda, mugia keluarga besar ARKAN tiasa nampi kalayan kabingahan.
Neda Pidu'a tisadaya wargi mugi sim kuring kalih pun lanceuk dipaparin kalancaran dina napak hirup anu anyar, mayunan rumah tangga kalayan janten keluarga Sakinah, Mawaddah, Warrahmah, amin.

Sabtu, 06 Juni 2009

INNA LILLAHI WA INA ILAIHI ROJIUN


Kalayan nyebat Asmana Alloh!

Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh!

Inna lillahi wa ina ilaihi roji'in!
Parantos ngantunkeun dinten kemis 4 Juni 2009, di Ciamis, Uwa, TATI, dina yuswa 81 taun.Mugya Alloh SWT nu maha asih maparinkeun ridona sangkan ieu Uwa TATI ditampi kalawan tempat nu caang, jembar, merenah tumaninah jalaran kasaean anjeunna.
Panginten, pikeun rengrengan kulawargi nu dikantunkeuna dipaparinkeun kakiatan, kasobaran lan kasolehan. Sumawona pikeun urang, mulangna ieu Uwa TATI tiasa janten pangemut urang pikeun ningketkeun kaimanan urang ka Mantena.

---------------------------------------------------------------------------

Dengan menyebut Nama Alloh,

Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh!

Inna lillahi wa ina ilaihi roji'in!
Telah meninggal dunia pada hari kamis 4 Juni 2009, di Ciamis, Uwa TATI, pada usia 81 tahun. Semoga almarhumah diterima iman Islamnya dan diberikan tempat yang layak di sisi Allah Swt. Aamiin. Bagi keluarga yang ditinggalkan, semoga diberikan ketabahan dan keikhlasan di dalam menerima ketetapan-Nya.

Uwa TATI adalah anak ke 6 dari 9 putra-putri Nini Kancana, Uwa TATI mempunyai 7 putra putri yaitu: Ceu Eti, Kang Ukas, Kang Kiki, Ceu Wiwi, Ceu Aay, Ceu Nuri sareng Kang Yoyo. Uwa TATI mempunyai Cucu 10 yaitu: Mulki, Oka, Sri, Asep, Eva, Arif, Niki, Bela, Yopi, Yoga.


Wassalam
Cecep